Titis Tulis

"Tong di tembak ....Tong di tembak !. " Muammar Khadapy ngalengis ,basa manehna katangkep ku para prajurit NTC di kota Sirte .Samemehna di kabarkeun ,Khadafy nyumput di gorong-gorong ,nya di dinya pisan manehna nu geus guyang getih , nyangsaya teu walakaya ,di paragatkeun nyawana .
" Naon ..kasalahan kuring ka maraneh ??? ", ceuk khadafi ,semu bingung. Omongan eta ,mangrupa kecap panungtung ,nu kaluar tina baham Si Kolonel ,nu dipaksa kudu ngeureunan hirup,di sasaak timah panas nu nyayang di sakujur awakna.
Di Libyia mayit Khadaffi keur digugulung , didieu kuring anteng nyieun Fikmin keur saembara ! .